Pengertian dan Contoh Wawacan



WAWACAN

            Wawacan mangrupakeun salah sahiji bentuk kasusastraan anu dating dilemah cai Sunda dina kira-kira tengah-tengah abad ka-17 ku ulama Islam sareng pasantren. Wawacan teh nyaeta carita panjang anu mangrupa dangding (ngagunakeun patokan pupuh). Pupuh ngabogaan patalian anu mangrupa guru lagu (panangtu vocal dina tungtung kalimah), guru wilangan (panangtu jumlah suku engang dina unggal padalisan), gurugatra (panangtu jumlah lirik dina unggal pada), jeung karkter/cirri-ciri pupuh. Pupuh anu ngembang si Tatar Sunda saloba 17 pupuh, nyaeta sinom, durma, maskumambang, kinanti, jurudemung, ladrang, pangikur, pucung, asmarandana, wirangrong, balakbak, gurisa, magatru, lambing, gambuh, dandanggula, jeung mijil.
            Isi dina wawacan teh asal mulana mah nyaeta gambaran kahirupan jeung pangembangan agama Islam, ngan dina pangembangan saterusna, wawacan oge ngandungan kabeneran, kasaktian, jeung kaagungan kulawarga raja sarta para kyai. Kasaktian anu ditunjulkeun dina wawacan, misalna : jelema bias ngapung, jelema robah jadi patung, sato bisa ngomong, atawa sato bisa mijalama jadi jelema. Salain eta, eusi wawacan oge loba anu asalna tina kasusastraan Jawa, saperti Wawacan Sekartaji, jeung Wawacan Anglingdarma. Aya oge anu mangrupakeun serepan tina carita wayang, misalna Wawacan Batara Kala, jeung Wawacan Dewaruci.
            Biasana wawacan ditampilkeun dina media Seni Belik, atawa Mamaca anu ditembangkeun ku sababaraha urang kucara giliran. Salah saurang salaku pamaca, samatara anu sejen salaku panembang. Dijaman baheula, seni belik dipentaskeun salaku hiburan dina upacara suntan, kawinan, upacara guar bumi (ngamimitian ngagarap taneuh), mipit (panen pare), ngakut (mindahkeun pare kalumbung), jeung ngaruat (upacara tolak bala keur salah sahiji jalam beh kahindar musibah).
            Salah sahiji dina saloba wawacan anu sumebar di Tatar Sunda nyaeta Ogin Amarsakti. Sacara rinkesna wawacan ieu nyaritakeun pangumbaraan hirup Raden Amarsakti anu pinuh ku cocoba. Raden Amarsakti teh putra Raja Mahruf ti istri kaduana, Lesmaya Mahadewi. Timimiti boboran, Amarsakti geus dipiceun ka laut ku istri Raja Mahruf anu mimiti, nyaeta Dewi Nurhayati. Ditengah laut, amarsakti dipanggihan ku Raja Antaboga  nyaeta Raja di karajaan Malebah. Sanggeus Amarsakti dewasa, Raja Antaboga ngabeberkeun asal-usul Amarsakti yen sabenerna putra Raja Madusari, nyaeta Raja Mahruf. Saterusna, Amarsakti nyamar make ngaran Sarah jeung ngupayakeun neangan bapa jeung indung kandungna. Kucara nyanghareupan sagala rupa cocoba, Amarsakti tungtungna bisa papanggih jeung kolotna. Disisi eta Amarsakti meunangkeun pamajikan anu geulis jeung harta warisan bapa angkatna, Raja Antaboga jeung Raja Mahruf.
            Dina ringkesan carita diluruh bisa dipikanyaho yen Wawacan Ogin Amarsakti teh ngabogaan tema kaagamaan anu dititikbeuratkeun kana pangajaran tatakrama. Paripolah jahat mah moal mawa mangpaat siga anu dilakukeun ku Dewi Nurhayati ka Dewi Lesmaya. Kitu oge paripolah anu dilakukeun ku tokoh dina wawacan ieu. Maranehna milakukeun kajahatan tungtungna ngalaman kaelehan.
Kasangsaraan ngajadikeun kamuliaan
Urut hese jadi gagah
Nu dipiceun jadi miceun
Nu licik malah teu kabukti
Kitu weh ka jelma anu dengki
Nyi Nurhayat anu heuras
Nu nyieun nyeri hate kalakah maot (bait 1329)
            Katinggal dina kutipan diluhur yen Wawacan Ogin Amarsakti miluan konvensi satra klasik tradisonal, anu sok nyiratkeun yen kabeneran mah bakal mihasilkeun kabagjaan jeung sabalikna, kajahatan mah mihasilkeun kaelehan.
            Tina segi pangaweruh, katinggal yen Wawacan Ogin Amarsakti ngandung unsure Islam, Hindu, jeung Animisme. Pangaweruh agama Islam katinggal pas Amarsakti meunang pangajaran maca Al-Qur’an ti Raja Antaboga.
Dina tempo tilu taun
Dibere pangajaran kabatinan
Sanggeus maca Qur’an
Diajarkeun rupa-rupa elmu
Kasaktian lahiriah
Nguasaan sagala elmu jin (Bait 173)
            Lamun diperhatikeun sacara taliti, Amarsakti teu ngan hungkul meunang pangajaran maca Qur’an, tapi oge meunang pangajaran Kabatinan, jeung nguasaan sagala rupa elmu jin. Hal ieu ngagambarkeun yen salain unsure Islam aya oge pangaweruh unsur mistik dina wawacan ieu. Oge dipanggihan unsure anu asalna ti agama Hindu anu ditandaan ku munculna Ratu Barahna atawa Dewa Barahma saperti kutipan ieu
Berkat idin Anu Maha Kawasa
Pas seuneu ngobar gede pisan
Dating Ratu Barahma
Asup kana tumpukan seuneu
Nagtung diluhur seuneu
Sarta ngomong,
“monyet, ucing umat gusti
Maneh dibere patulungan Dewa
Jeung ku Gusti pamere asih.”
            Ku kituna bisa disimpulkeun, yen dina Wawacan Ogin Amarsakti teh aya sinkretisme antara agama Islam, Hindu, jeung kapercayaan kana kakuatan ghoib.

            Wawacan teh sangre sastra Nusantara anu khas. Numana dina wawacan mah aspek tulisan jeung lisan teh jadi padu. Wawacan anu sastra tulis dina bentuk anu katalian (dangding) eta, karek bisa dihayati pinuh jeung utuh liwat aktualisasi lisan dina bentuk mamaca kucara ditembangkeun. Panembangan tadi didasarkeun kana corak dangding, anu sacara konkret ngadominasi dina pupuh. Tiap pupuh ngabogaan hiji lagu inti jeung sababaraha rupa-rupana. Pupuh-pupuh eta ngabogaan karakter jeung suasanana masing-masing. Pupuh-pupuh anu kakoncara dikalangan urang Sunda mah antarana nyaeta; sinom, asmarandana, kinanti, jeung dandanggula.
            Jadi, sacarahakiki, pani’matan wawacan dumasar pamacaan teu make palaguan mah teu lengkep. Sacara esensial artistik, wawacan ngisyaratkeun kadatangan seni sastra jeung seni tembang, jeung sacara esensi sosial ngisyaratkeun kadatangan batur dina pani’matanna. Panembangan wawacan bisanagiliran. Saurang ngalagukeun nu sejen ngadengekeun, terus gantian ngalagukeun, disisi aya audien khusus anu ni’matan, salaku anu ngadengekeun hungkul. Teu bisa dibayangkeun lamun panembangan wawacan euweuh anu datang.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

tentang Orde Baru

Passive Voice

Generic Structure Text