contoh Dongeng Bahasa Sunda

Catur jaman baheula, aya tilu jalma nu panyakitan. Nu hiji panyakit corob, nu kadua butak, nu katilu mah lolong. Alloh Ta’ala ngersakeun bade nguji ka maranehna. Teras Gusti Alloh ngutus Malikat, pikeun ngadatangan maranehna. Pangheula anu didatangan teh nyaeta jalma anu boga kasakit corob. Kalawan nyamur jadi jalma biasa, pok malaikat teh tumanya “He Ki Silah, naon anu pangdipikahayang ku anjeun?”
“kuring hayang alus rupa, alus kulit jeung leungit sagala perkara anu matak pikageuleuheun batur.” Ceuk manehna pinuh harepan. Eta jalma ku Malaikat teh diusap. Cageur harita keneh, corobna leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Pok Malaikat nanya deui “Jeung harta naon anu pangdipikahayangna ku anjeun?” Gancang pisan eta jalma ngajawabna, “Onta…!” Ku Malaikat dipasihan onta anu keur reuneuh sapuluh bulan. “Muga-muga sing barokah ieu onta ka anjeun…”
Terus Malaikat ngadatangan ka jalma anu butak. Ceuk Malaikat “He Ki Silah, naon anu pangdipikahayangna ku anjeun..?” Jawab anu butak teh “Kuring hayang alus rambut. Jeung leungit sakabeh perkara nu matak pikageuleuheun batur.” Eta jalma ku Malaikat diusap, sirahna dadak sakala aya buukan alus naker, butakna cageur harita keneh. Malaikat nanya deui “Naon harta anu pangdipikahayangna ku anjeun…?”
“Sapi,” jawabna. Tuluy ku Malaikat teh dipasihan sapi. “Muga sapi ieu teh sing mawa barokah ka anjeun.”
Terus Malaikat teh ngadatangan ka jalma anu lolong, bari mere pertanyaan anu sarua, saperti anu ditanyakeun ka anu corob jeung anu butak. “Kuring hayang awas paningal,” walon nu lolong teh. Sanggeus ditanya ngeunaan harta, eta jalma teh dipasihan embe anu geus anakan.
Gancangna carita, anu tiluan teh hirupna geus senang, panyakit leungit, harta banda ngarekahan.
Saterusna, Malaikat datang deui ka maranehna, kalawan ngarupakeun jeung paningkah anu tiheula. “Kuring teh jalma miskin, geus jauh perjalanan kuring teh. Kuring menta ka anjeu, demi dzat alloh anu tos masihan rupa alus ka anjeun jeung harta anu loba. Cik, menta onta hiji mah keur bekel nepikeun perjalanan.” Ari tembalna teh “Kuring oge loba deui kaperluan, boro-boro mere ka maneh,” cenah, “Ke heula, kuring teh asa wawuh ka anjeun. Lain anjeun teh anu bareto corob tea? Geuning batur oge gareuleuheun. Jeung pakir deuih.” Ngadenge caritaan kitu teh teu ieuh kapangaruhan, manehna kalah nembal kieu, “Ieu sakabeh teh ti karuhun kuring !”
Ceuk Malaikat nu nyamur teh “Lamun anjeun bohong, mangka Alloh bakal ngajadikeun anjeun kawas baheula.” Geus kitu mah, terus Malaikat teh ngadatangan ka jalma anu kadua. Nyaeta anu asalna butak tea. Lalakona sarua jeung anu tiheula, teu ditarima.
Anu katilu kalian mah Malaikat teh nagdatangan ka jalma anu asalna lolong. Sasauranana cara ka nu tadi bae. Ari tembal jalma anu asalna lolong teh, “Kuring teh bareto mah lolong, kalayan kakawasaan Alloh, kuring jad cageur. Jadi awas paningal. Pek anjeun nyandak sakumaha kapalay anjeun, kantunkeun sakersa anjeun! Demi Alloh ! moal rek ngoretkeun,” ceuk manehna bari marahmay.
Ceuk Malaikat, “Cekel harta anjeun! Kuring mah ngan sakadar nyoba bae. Tetela alloh mikarido ka anjeun. Ngabenduan ka batur anjeun anu dua.“

Dongeng kanggo ngalengkepan salah sahiji pancen Basa Sunda

Di Susun Ku :
Cantika Setya Permatasari
Kelas :
X_2
SMA N 1 CIMAHI
Komentar
Posting Komentar